Fiksimini Basa Sunda
Ngimpi
FIKMIN-PR -- Dina melegmegna mongkleng, manehna nempo ti lebah jandela kaca, tatanggana riab ngepung oray sanca nu luar-leor nyingkahan pakarang manusa.

Pas hareupeun manehna nu nempo tina jandela kaca, oray sanca bet ngabelesat nubruk jandela, blus kana alam impiannana, matana ngadadak lir oray naga ti nagri Cina, neuteup manehna.
Manehna ngajerit, ret ka gigireunnana, kabeneran aya bedog, kop dicokot bari terus diheumbatkeun. Oray sanca dicacag diwalang-walang, getih busrat-basret, maseuhan sepre, maseuhan awakna.
Isukna basa hudang, manehna kacida ngagebegna nempo nu jadi salakina guyang getih, awakna raca tapak nyacag, sirahna ngagoler di juru kamarna, suku jeung leungeunna balatak handapeun ranjangna. (Jejen Jaelani W)***
Post new comment