Sabtu, 25 May, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Dicandung

FIKMIN-PR -- Dihin pinasti yang Widi, papasten ti domampara, mungguhing hirup manusa geus diatur ti ajali, keuna ku paribasa "kulak canggeum bagja awak" kuring kudu ngalaman dicandung, jaba dijieun anu ka tilu ku manehna. 

Sasatna asa katipu da basa munggaran tepung mah manehna ngaku duda nu katalangasara di tinggalkeun maot ku pamajikannana. Nya kangaranan dicandung kudu tumamprak kana bagian, teu bisa bebas makmak mekmek sakahayang, diatur dijadwal kumaha manehna. 

Saperti ayeuna kuring keur nganti-nganti manehna datang, sabab poe saptu jeung minggu bagean di kuring. Tapi aya nu aneh naha rek kadatangan manehna teh hate teu ngarasa bungah atawa bagja saperti biasa, malahan nu biasa sok dangdan ngageulis da ngarah leuwih betah jeung kuring,(biasa sugan be bisa jadi tilu poe).malah linggeri fink oge ukur direret teu hayang make, hoream.

Teu lila nu dianti-anti datang. Saperti biasa manehna sok mandi heula terus dahar jeung nginumna kudu susu bae, tah sabot manehna mandi kuring nyadiakeun dahareun jeung susu haneutna. 

Nu mandi geus beres tuluy dahar, sanggeus dahar saperti biasa ngajak ka kamar. Nyeh kuring imut nempo nu sare ngageubra..."wayahna nya bobo didieu saminggu rencangan abdi", bari ngalieuk kana CTM dina laci. (Eros Rosnida)***

 

 

hadena we masih keneh CTM,

Anonymous's picture

hadena we masih keneh CTM, sanes Baygo* he...he...!

he he maru harak ih....

Anonymous's picture

he he maru harak ih....

Kedah motekar, petakeun

Anonymous's picture

Kedah motekar, petakeun sagala rupa cara, kumaha wae carana mah supados si manehna tiasa lami di bumi....

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR