Rapat
FIKMIN-PR -- Méméh indit ka kantor, kuring maksakeun heula nelpon ka si Néng, budak nu bungsu. Maksud téh rék ngabéjaan, poé ieu mah kuring rada riweuh. Rék aya rapat jeung pingpinan pausahaan di kantor.
Jadi, mun aya naon-naon, nelpona ka si Papih wé. Ulah ka Mamih. Kitu ceuk kuring ka si Néng. Dina tungtung telpon, kadéngé manéhna ngaenyakeun. Héran tuda, sakitu geus boga salaki ogé, angger embung leupas ti indung. Sakapeung mah sok pusing. Saeutik-saeutik, nelpon ka indung. Kungsi ti heula mah disentak. Cik, atuh Néng, da ayeuna mah Néng téh geus rumah tangga. Geus boga salaki. Kudu diajar mandiri, ulah sagala ngandelkeun waé indung. Cekéng, harita. Nepi ka kantor, rapat geus dimimitian. Buru-buru kuring diuk dina korsi nu geus disadiakeun. Basa pingpinan pausahaan keur préséntasi ngeunaan prospék bisnis. Si Néng nelpon. Bingung. Diangkat, kagok. Teu diangkat, gandéng. Kapaksa diangkat “Aya naon?” Ceuk kuring, satengah ngaharéwos. “Ari masak tauco dikumahakeun?” Pokna, tarik. (Jordan Kurniawan)***
Post new comment