Fiksimini Basa Sunda
Nyungsi Pangancikan
FIKMIN-PR -- Ngagogotrok karasana, pating berekbek. Jeroeun sirah. Ti mimiti saheng tepi ka ngagolak, waleh. Can katimu. Buuk mimiti celetu hiji-hiji, badis karagragan kembang jambu.

Beuki lila beuki loba. Bleg! bodas camut-mut. Lajuna waktu, gingsirna wanci. Lalaunan ragragan hiji-hiji dikukud umur. Ray! Ray..! Ngipisan, haliber pating geleber nyingkahan pangancikan. Tepi ka hanteuna, beak beresih teu nyesa salambar-lambar acan.
Jeroeun tangkorek beuki ngagolak nyaruaan kawah nu rek beulah. Leketey. kulit sirah nyengled nyesakeun tangkorek nu kari tulang. Weleh, acining hirup teu katimu. (Rifan Sahrony)***
Post new comment