Boneka
FIKMIN-PR -- "Jempe geulis, engké ku Ema dipangmésérkeun bonéka anu saé nya..jep! jep! jep!". Awéwé kira-kira umur 25 taun katingali keur ngupahan anakna, di handapeun jambatan Pasupati. Geus sababaraha poé ieu anakna anu karék 2 taun satengah ceurik waé, bakating ku hayang bonéka. Pedah ningali babaturanna boga bonéka Spongebob.

Dibubungah kitu téh budak eureun ceurikna, bari panon mah mencrong ka babaturanna nu keur mamawa boneka Spongebob bari baramaen ka sakur mobil atawa motor nu eureun alatan lampu beureum.
"Cicing heula nya sakedap...ke Ema rék meuli heula boneka," cenah.
Teu kungsi lila, jalma raribut pating jorowok “bangsaaat..bangsaat, gebugan euy tuman”. Budak teh ngalieuk kana palebah sora, tuluy cengkat, dédod weh ngadedod leumpang nyampeurkeun jalma jalma anu ngariung. Leumpangna ge can lancar.
Breh..katingali dua leungeun indungna diborogol ku pulisi, gigireuna aya boneka spongebob. Najan adug adugan oge, indungna tuluy dibawa ka kantor pulisi.
Balengéh budak teh seuri, laju eta boneka dicokot...dikeukeupan. digigiwing bari baramaen. (Kyai Matdon)***
Post new comment