Nu Jengkar Meuntas Lautan 2
FIKMIN-PR -- Keclak keclak cai ti luhur guha sora keclakna ngawirahma matak ngeundeurkeun jajantung, wirahma dzikir subhanallah jèntrè, ngalelemah pangdengè asup ngagedoran hatè. Cai ngamalir jadi susukan leutik ngocor kaluareun guha, endah ku genclang herangna tingtrim ku nyecep tiisna, takdzim ku tuhuna mung muji asma Mantena sapanjang yuswana, inghak nambihan bedas.

Jelegurna lambak laut ngeureunkeun lèngkah, iteuk salira nanceub dina kikisik, jubah salira kaapungkeun angin ngebrèhkeun dedeg pangadeg salira nu jangkung ageung sembada. Tilu dinten ngingiclik salira bari teu kantos kedal pananya, mung salira nu ngawurukan sareng ngèbrèhkeun ayat-ayat Gusti nu murbeng alam, ngahartoskeun ku rupi-rupi titinggalan sanaos dina impènan.
Titik di tengah laut tawis salira mingkin nebihan, ngantunkeun karumaosan, ngantunkeun atikan ngantunkeun kapanasaran, ngantunkeun kayakinan, subhanallah walhamdulillah walaillahaillah wallahu Akbar. Kasono nyedek mugia Allah marengkeun pendak sareng jungjunan alam, nu ku salira teu weleh dikintunan shalawat tiap waktos. (Bening Selakshahati)***
Post new comment