Hégak
FIKMIN-PR -- Anjing. Babaung. Laungna ngarayap ka hilir peuting. Bareng jeung léngkahna. Raragas waruga. Ririab buuk. Tato ngalampat raga. Ganja muput ingetan. Jeung anggur nyaab dina genggerong. Manéhna.

Beuki anggang ngukur jalan. Ngukur hiurna kekebul sapanjang lulurung dayeuh. Jumarigjeug kundang botol. Botol demi botol nu ngeclakkeun sésa umurna. “Peuting hirup aing! Aing hirup peuting!” Cakakakna. Ngését jempling. Lunta deui. Hegak deui. Ngalangkang deui sakabéhna. Sataranjang raga lalaki jeung pamajikanna nu kungsi ditelasan luhur ranjang. Sataranjang anak parawanna nu diborahkeun di pangaduan. Sarta sataranjang anak bungsuna nu geus dijual ginjal jeung jantungna. “Bulan aing! Ka dieukeun bulan aing!” Jorowokna. Nyisit langit. Lunta deui. Hegak deui. Rumanggieung nyasar pilar kilométer. Nyasar ringkelna gurat takdir nu taya tungtung. Sedeng botol demi botol bencar dina sirah. “Samoja aing! Samoja aing ngarangrangan!” Renghikna. Nurih peuting. Hégakna anjog di astana. Ngalempréh. Laju lalaunan nyéka hiji tetengger ku dampal leungeunna. Bréh. Ngaranna sorangan tan titimangsa. Ti dinya. Anjing. Ragég. Parebut banusan luhur paésan. (Ari Andriansyah)***
Post new comment