Candramawat
FIKMIN-PR -- Teuing jebul ti mendi. Hoream mapaykeunana. Pamajikan oge mung gideug basa ditanya teh. Ceuk pikir asa kabeneran. Lumayan keur nyingsieunan beurit.

"Unggal abdi nganggo sinjang kebat, sok kieuna teh," ceuk pamajikan bari ngusapan hulu ucing nu keur ngalendotan sukuna. Kuring bati ngaheneng, nyeu'eung buntut ucing nu ngagebay. Sakapeung katenjo jiga nu boborelakan.
Hiji peuting, balik ngaronda. Bulan keur meujeuhna ngempray. Bet kabeneran nenjo eta ucing luhureun suhunan. Huluna dangah nyawang bulan. Teu lila, nyay..kereles..ucing teh ngiles sanggeus disaput ku cahaya hejo ngora nu tuluy ngabelesat ka jomantara.
Bakat ku geumpeur, gura giru asup ka imah. Sababaraha kali ngagentraan pamajikan. Teu wae nembalan. Sup ka kamar. Suwung. Nu aya mung samping kebat luhureun kasur. Hate mimiti tagiwur. (Asep Komara)***
Post new comment