Kamis, 23 May, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Oyot Deugeul

FIKMIN-PR -- ''Geus! teu ngantik nunggul poe ieu mah ki, ja kayu ngabadeg keneh!, ongkoh poe jumaah burung!'' Teu nolih Mbok Asnah nu cawehwer cacahan, Ki jumha isuk keneh geus tampil ngasah patik.

''Ja moal kebel ieuh, ke tangange ge mulang, barina ge meungpeung purun, keur hulap mah teu ngantik di hulag ge moal leumpang!".Kituna teh bari noyod ngaleos teu malira kanu keur gogodeg emok na amben.

Adan dohor ngalanglaeu ti Musolah tebeh elor, nu nunggul anggur beuki bedas, nepika hulu patik mantog kana hulu, leng! Aki kapiuhan, inget-inget geus ngabegag na kuta jalan, breh gedong-gedong salaligrong, tapi tiiseun teu manggih jalema hiji-hiji acan.

''Aing ngeli ka alam naeun, deuleu eta matapoe adek hulu?, beurang lain peuting

lain ning ieu teh''. Hatena teu reureuh noroweco.Kuniang cengkat, nyileuk, susuganan manggih jalema.Angger rehe.

Cacahan jalema salembur, dumeh Si Aki leungit teh kajawab, sanggeus jumaah

hareupna manehna katimu ngajoprak deukeut tunggul nu eta, patik ngagoler gigireunna. (Heni Sumarni)***

 

 

 

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR