Minggu, 19 May, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Lady

FIKMIN-PR -- Lady, keur kuring anjeun teh lir ibarat gagak nu teu reureuh ngelak. Nembangkeun dangding nu pinuh ku katugenah. Najan kitu, keur anu micinta anjeun mah, petengna lalakon anjeun jadi hiji pangbibita.

“Sorana, bajuna, ibingna, ah matak deungdeuleueun,” hiji lalaki kungsi ngedalkeun citresna keur salira. “Keur kuring mah, Lady teh jadi inspirasi,” cenahna deui teu kireum-kireum.

Duh Lady, ka emper-emper ngaran anjeun ngajomantara, kakalayangan ngawurkeun impian endah. Tapi, keur kuring mah anjeun teh geus jadi berewit nu mawa sasalad kana kahirupan. “Akang, iraha tiasa tepang deui, Lady sono pisan ka akang,” langit karasa runtuh, nomer eta pisan nu sataun katukang dipupus.

“Upami akang ayeuna janten duda, sanes lepat Lady, bongan akang teu satia,” SMS na kalah mupuas. Hate ngaleketey, rumasa pernah kaedanan ku manehna. Teu salah, mun loba nu kagegeloan teh, manehna teh sidik pisan kembang panggung nu kawentar.

“Akang gagal rumah tangga sidik gara-gara anjeun Lady,” ngan bisa humandeuar teu wasa males SMS na. (Herdy Mulyana)***

 

 

Hatur nuhun,bingah pisan

Anonymous's picture

Hatur nuhun,bingah pisan midang di PR online. Pamugi janten pamecut kanggo teras nyerat fikmin. Sukses PR!

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR