Fiksimini Basa Sunda
Humarurung
FIKMIN-PR -- Tingsariak. Awak siga nirisan. Ceuk anu nepungan, "Kang, mani geunteul kitu..". Teuing ieu teh. Saban ningali data anu asup kana Laptop, awak asa ngadaregdeg. Eleh atawa meunang. Kitu we ingetan jeung rarasaan.

Angka siga anu paudag-udah dina Formula 1. Ti detik ka menit. Ti menit ka jam. Hasil telik sandi murudul ngaliwatan SMS. Beuki beurang sabulu-bulu beuki muringkak.
"Pa, kacamatan anu pamungkas ngajadikeun itungan sora bapa tibalik."
"Kumaha maksudna?"
"Muhun, kawitna unggul janten eleh..Pa."
Kajeun teuing, da geus kajudi. Tumpangan mah nyekel musuh. Lumayan jang ganti duit kampanyeu. (Nasrul Jatnika)***
Post new comment