Fiksimini Basa Sunda
Diontrog
FIKMIN-PR -- Bari pertentang manehna poporongos ka kuring :"Oh, nu kieu patut nyah nu ngaganggu salaki kuring teh!

Bari anteng nanggeuy gado kuring ngajawab sakeunana: "Kaganggu naonana euceu, malah tuang raka teh meni sugema ari deukeut jeung kuring teh, cenah..."
Beuki ambek manehna morongos deui:"Euceu nu sidik kaganggu mah ku kalakuan didinya!
Rada jebeng kuring ngawalon teges: "Na iraha euceu kaleungitan peuting,.... kacoceng gajih,.... atawa kasoro kanyaah,...?? Eta mah euceu we kaganggu ku rasa timburu sorangan,... dasar hawek!!
Manehna ukur molohok, meureun hatena mah ngaku: "Heueuh nya,...." (Rin Riani)***
Post new comment