Kalangsu
FIKMIN-PR -- “Di nginjeum motor euy, wayahna kuring kudu balik, pamajikan ngalahirkeun di imah mitoha.”

“Nya sok atuh, yeuh koncina,” jawab Si Udi.
Di tempat parkir aya kana puluhna motor. Sakainget kuring motor Si Udi bébék warna hideung. Clak motor ditumpakan, ceklék kontak dihurungkeun. “Jebréd”, titukangeun aya nu ngetig. “Hah sia tukang maling motor téh.”
“Duruk, duruk,” ceuk sawareh sora. Bring sakabeh jalma ngabring, mawa pakarang sabawa-bawana. “Jetet”. “Bletak”. Pakarang jeung peureup nimbas awak. Kuring dirogahala bari diguyur bensin terus diduruk teuing ku saha.
Sanggeus nyaksian bugang nu tutung Si Udi ngagebeg, naha motor nu rek dipaling meles mirip nu manéhna?. Rét ka tempat parkir, beuki ngagebeg ningali motor manéhna nu diinjeum ku kuring bet utuh kénéh dina tempatna. Asa teu percaya kana kaayaan, Si Udi gap kana henpona, ngontak ka nomer kuring.
“Tit-tit tit”. Sora hapé jelas kadénge dina jero kantong mayit nu rek diasupkeun kana ambulan. (Yadi Fathur Berkata)***
Post new comment