Minggu, 26 May, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Bujang Kolot, Ditonjok Congcot

FIKMIN-PR -- Teuing kasabaraha rébu kalina. Teu wawuh jeung malem minggu. Kawas burit ieu. Ngadon tunggon kebon nu kolot. Nyorén bedog. Nyoréndang bedil. Cinutrung. Ngawaskeun sawit nu anyar ceb.

Korosak! “Bagong, kitu?” Curinghak. Bedil dikokang. Dikécéng. Korosak. Jedér! Bedil dibekaskeun. Gaik! Gorobas. Gorobas. Gajleng! Kuring mesat bedog. Sebrut. Ngudag. Nyusud getih, nu crut-crét 'na titincakan. Panon ngulincer. Ngimeutan tapak.

Gok, ka hiji saung. Beuki deukeut. Bréh, budak rambisak. Ngalahun anjing hideung. Baloboran, teu empés-empés. Manéhna mencrong. “Ema! tuh nu maéhan si Bapa mah!” Si budak tutunjuk ka kuring. “Manéh kudu tanggungjawab!” Pokna bari nangtung. Anjingna dikélék.

Kurunyung, awéwé sampulur. Nyekel pangarih. “Ayeuna kénéh, manéh kudu ngawin si Ema!” ceuk si budak, nyekel leungeun éta awéwé.

Pluk, bedog lésot tina cekelan. Kuring, ngan bisa calangap. (Dadi Arya)***

 

 

 

aeh aeh..

Anonymous's picture

aeh aeh..

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR