Can Waktuna
FIKMIN-PR -- Kuring lilir. Leungeun salaki katingal nindihan dada. Sukuna pabeulit jeung suku kuring, tapi naha bet teu karasa. Kuring ngahuleng , boa kuring mati rasa. Leungeunna ku kuring diiserkeun lalaunan, karasana tembus siga euweuh nanaon. Beuki helok.

Kuring hudang bari teu puguh rarasaan, turun tina dipan. Ditempo salaki ngageubra masih nangkeup awak kuring.
Emm, boa kuring teh geus maot. Kuring lumpat ka kamar si bungsu, tibra. Ku kuring digalentoran siga teu karasaeun, cimata murubut teu kaampeuh. Lumpat deui ka kamar si cikal can sare ku kuring ditangkeup, jongjon ngetik teu reaksi. Cipanon meuweuh beuki rosa, gap deui ka adina nu geus tibra sare, disun tarangna bari diusapan. Pileuleuyan bageur, hampura Ibu. Jung kuring nangtung kaluar ti kamar, kadangu sora salaki sasambat ka Gusti...Ya Alloh ya Rokhman ya Rohim, kunaon ieu pun bojo, Gustiii...
Kuring asup ka kamar, nyampak salaki keur ngagugulung awak kuring bari teu weleh sasambat ka Gusti, leungeuna ngageuyah-geuyah dada.
Bu, sorana nalangsa, gap kana pipi, ditekenkeun kana baham, baham muka saeutik. Bismillah. Karasa biwirna haneut antel kana biwir kuring ngirimkeun hawa panas kana tikoro. Kuring beunta, awak karasa leuleus. "Alhamdulillah, Gustiii,'' sora salaki pinuh kabungah. (Tien Widartini Darodji)***
Post new comment