Sabtu, 25 May, 2013
Catetan "Nyiar Lumar" Ibnu Hijar Apandi

Meunang Lumar Méméh Ngalumar

DADANG SUTARJAN/"PRLM"
DADANG SUTARJAN/"PRLM"
ROMBONGAN fikminer ti Bandung satacan miang nyiar lumar ka Astana Gede, Kawali, Ciamis, Saptu (7/7).*

PRLM -- Misah ti jamaah miang ka Kawali téh. Lain pédah teu bisa hudang isuk-isuk, kumpul di YPK tabuh 6. Dadakuna mah poé Saptu ping 7 Juli téh aya urusan nu kudu diréngsékeun, jeung jangji nepungan babaturan. Teu bisa ditingalkeun. Antukna ka Kawali téh tengah poé sabada urusan réngsé. Maké élf Andalas jurusan Kawali.

Geus diajam ti méméhna, mun miang téh hayang sabangku jeung Kang Abu Ainun. Rék ménta diwurukan dina bab ngawayuh. Sugan hatam saparat jalan. Rék diolo élmuna. Lain hayang nyandung. Tapi hayang bisa ngarang fikmin cara anjeunna maksud téh. Museur dina hiji jejer/téma, nu antukna jadi ciri hasna, kacapangan balaréa. Pinter milih jejer Kang Abu mah. Jejer anu séksi, perkara ngawayuh. Najan temahna jadi stigma keur nu ngarangna. Keun baé da éta mah biasa. "Tos langkung ti 50 fikmin nu jejerna perkawis ngawayuh téh," kitu saur Kang Abu hiji mangsa.

Mun henteu, hayang sabangku téh jeung Kang Darpan Ariawinangun atawa Kang Irman Dimyati. Saagama jeung Kang Abu ieu dua fikminer téh. Utamana dina hal milih jejer jeung konsisten dina nyaritakeun jejer caritana. Kang Darpan fikminer 'kebon awi', Kang Irman fikminer 'alam jin'. Sugan jeung sugan ku bisa diuk sabangku dina beus téh kaberkahan bisa ngarang cara aranjeunna. Bawirasa, dina puluhan réwu karya fikmin, nu nyéngcélak mah karya-karya nu boga ciri has, béda ti nu lian. Boh jejer boh gayana. Nya antarana waé nyampak dina karya fikminer nu tilu éta. Cék pikiran kuring nu heureut kitu gé. Di Lémbang.

Inggis pelengkung salah jurusan, barang clak kana élf di Terminal Cicaheum téh nanya heula ka kenék. Reugreug, horéng manéhna apal, di Astana Gedé Kawali peutingna bakal aya acara. "Oh, badé ka acara Nyiar Lumar, A? Engké wengi saurna. Ramé, A. Dua taun sakali acarana," pokna nyaangan kuring nu hariwang. Pok ibu-ibu nu ditiung beureum nu diuk gigireun mairan. "Sami abdi gé badé ka Kawali. Ramé geura acarana. Biasa pami badé mayunan sasih saum sok diayakeunna téh. Aya 'nyangku' sareng 'Nyiar Lumar' di ditu mah," cék si ibu urang Kawali. Tapi barang ditanya kumaha acarana, si ibu ngajawab, "Duka. Da teu acan kantos ngiringan," pokna.

Barang jung élf mangprung, nga-sms sawatara fikminer nu ngilu kana beus. Ku perkiraan mah aya kénéh di Limbangan, di bumina Kang Entjép Sunardi. Luyu jeung nu diacarakeun, méméh ka Kawali téh para fikminer ngariung heula di bumi anjeunna. Mindah tempat rotinan, nu biasa di YPK. Bari loncing buku kumpulan fikmin "Ti Tetelar ka Sempalan", karya Kang Entjep Sunardi, wedalan “Green Smart Books”, penerbit nu dikokolakeun ku Kang Basyar Isya. Sajarah badag di jagat sastra Sunda mah. Kahiji, éta buku téh buku kumpulan fikmin nu munggaran. Kadua, dicitak maké téknologi Print on Demand (POD). Agama anyar di jagat sastra jeung perbukuan Sunda mah.

Nembé clak, cekéng téh. Di Cicaheum kénéh. Pami kaudag ka Limbangan badé lirén di Limbangan. Pami henteu mah tepang di Kawali baé. Kitu babasaan kuring dina sms. “Nembé réngsé sawala, Adi. Diteraskeun tuang sareng netepan lohor berjama'ah. Tabuh 12.30 mios deui,” kitu antarana sms nu katampa ti Aka Hadi AKS. Geus munang iber kitu mah, teu réa pikiran. Da moal kaudag acara di Limbangan mah. Pikir panceg nyungsi Kawali.

Béh ditueun Malangbong, penumpang nu diuk di hareup turun. Kuring pindah ka hareup. Dadakuna mah teu kuat hayang udud. Itung-itung maturan supir wé nu ngepluk ti barang jung. "Dupi ka Kawali tebih kénéh?" tanya kuring. "Tebih kénéh," pokna. "Salirénna ieu mobil wé. Kaleresan kandangna di Kawali, teu tebih ti Astana Gedé," cék ieu supir urang Cileunyi téh.

Wanci ashar harita téh. Najan disebut jauh kénéh, teu wudu aya kana opat kalina nanya ka supir. Manéhna surti, apal kuring anyar pinanggih. "Pami teu aya pamengan mah dijajapkeun ku abdi," pokna deui. "Tapi da aya ojég. Pasihan wé lima rébu. Ulah tataros bisi dimahalkeun," pokna méré saran. Asa karagragan lumar rarasaan téh.

Nepi ka Alun-alun Kawali wanci magrib. Barang reg, supir nyalukan ojég, nitipkeun kuring sangkan dijajap ka Astana Gedé. Tukang ojég giak. Clak kuring tumpak. Barang méngkol, karérét aya beus, sajorélat spandukna kabaca, aya tulisan "fikminer". Kuring gura-giru ménta eureun. Sasadu ka tukang ojég. Itu aya réréncangan, cekéng téh. Tukang ojég rada bangkenu. Tapi ari digolosoran lima rébu mah, manéhna tuluy imut bari rengkuh.

Gukgok jeung sobat-sobat saagama. Para fikminer nu ngilu kana rombongan beus. Aya kang Hadi Aks, Kang Irman Dimyati, Kang Budi Mugia Respati, Kang Maman Gantra, Kang Darpan, Téh Déwi Ratna Damayanti, Teh Téti, Cép Simi, jrrd. Malah tepung jeung sobat nu ti Tasik, najan lain fikminer, tapi saagama lebah pakasaban, pada-pada wartawan, Kang Duddy RS, ti koran 'Kabar Priangan".

Beuteung karasa kukurubukan. Itung-itung ngareureuhkeun kasimpé, tas miang ti Bandung nyorangan, kuring ngajak Cép Simi nyaté. Saté Kawali meureun. Teu jauh ti alun-alun. Saté sapi nu dipesen téh. Saagama jeung Cép Simi.

Kaluar ti tukang saté, beus geus euweuh. Nu nyampak Avanza cap Galamédia. Moal teu Kang Nana Sukmana, ki admin téa, cék pikir téh. Enya baé, anjeunna keur pakpikpek mesen sangu keur konsumsi para fikminer, diréncangan ku Téh Tiktik. Antukna kuring jeung Cép Simi ngilu mantuan. Ngakutan nasi bungkus jeung cai mineral dua dus. Tuluy ngajugjug Astana Gedé nepungan jamaah fikminer nu ngumpul di salah sahiji imah teu jauh ti komplék makam.

Fikminer pameget hémpak di teras. Para wanoja mah di ruang tamu, bangun nu keur darangdos. Di antara fikminer nu caralik di teras, aya nu nganggo raksukan bodas, rambutna panjang. Nya anjeunna sohibulbétna, Raka Perebu Godi Suwarna. Katawis anjeunna bingah pisan kasumpingan para tatamu ti Bandung. Sanaos bangun nu rada kirang séhat, kakuping suantenna peura.

Pancén can réngsé. Kang Nana Sukmana ngajak kuring turun deui. Aya sampeureun kénéh, duaan fikminer wanoja, Téh Lies Tandra jeung Téh Réni Nurhayati, nu istirahat heula di bumina sobat Kang Nana, diréncangan ku putrana Kang Nana, Oci jeung Citcit. Kacapéan sigana mah. Basa turun ti Astana téh Kang Budi Mugia Respati jeung duaan deui fikminer ngilu. Rék ngilu pawéy obor.Teu sah cenah, mun Nyiar Lumar teu ngilu pawéy obor téh.

Di alun-alun, acara bubuka geus dimimitian. Gukgok jeung sawatara fikminer nu tatan-tatan ngilu pawéy obor. Antarana waé Kang Nazarudin (Nunu), fikminer nu pangbadag-badagna hadas dina hal nyieun bid’ah fiksimini basa Sunda, Téh Déwi Ratna Damayanti, Téh Nénéng Sitanggang, jrrd. Kuring gé antukna mah ngilu pawéy, nungtun Oci, putrana Kang Nana, dibaturan ku Réni.

Saréngséna nu biantara, Nyiar Lumar ditandaan ku nyeungeut obor, dibawa ku pamilon nu panghareupna. Bari dipirig genjring, bring, rombongan leumpang. Saoborna-saoborna, sabajuna-sabajuna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat catang pinang. Mipir pasir nyorang lebak. Mapay galengan nyorang sasak. Panceg dina niat saagama, nawaétu Nyiar Lumar. (hanca)***

Mantap! Kang hapunten abdi

Anonymous's picture

Mantap! Kang hapunten abdi waktos ditajug ramo akang ka gencet ku sampean abdi! Nu lucu mah kuring bisa ngajarkeurn iket ka kolot-kolot Iwan Hanjuang dkk. Iket = ngiketan alam semesta.

Sip. Imeut pisan yeuh seratan

Anonymous's picture

Sip. Imeut pisan yeuh seratan teh. Abong wartawan, lah! Lajengkeun Ang Hijar! Sing dugi ka tutug! Omat Sudimara (Panawangan) oge kedah kasabit, ah! Da bagean tina lalampahan eta teh. Mung pun anak mopo mah teu kedah disebatkeun, nya!

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR