Minggu, 19 May, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Boneka

FIKMIN-PR -- "Mamah, hoyong boneka." Sora lemes tur ngeleter ku kasakit ngageuri pinuh harepan, ditimpah ku sorot panon ngalimba. Kuring rut ret kana wadah runtah tukangeun pabrik boneka, susuganan aya boneka urut atawa gagal produksi. 

Dikorehan handapeun kardus. Tah, geuning aya. Boneka geulis, buukna hideung meles galing muntang. Matak rus ras kanu nungguan boneka di kolong jembatan. 

Boneka dirawu, diteuteup, siga nu ngajak ngiceup. Gura giru dikeresekan. Muru ka imah tinu kardus, hahariringan sapanjang jalan. Nepi kanu dijugjug, langsung ngarumpuyuk nempo widadari nu geus leungiteun renghapna. 

Kuring ngoceak maratan langit. Boneka dina keresek dibenyeng, ditompokeun kanu geus teu nempo. Dialungkeun. Ragrag gigireun nu geus ngajepat. 

Barang ret, kana boneka. Aya imut ngagelenyu, sorot panonna pinuh ku kabungah. Kucap kiceup salin rupa. (Liezbella Swanzen)***

 

 

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR