Kang Dosen
FIKMIN-PR -- “Reading Comprehension” mahasiswi diuk pahareup-hareup, boh nu ngora atawa kolot singkil nyekel HP néangan posisi stratégis rék moto Kang Dosén. Mahasiswa nyarengléd, barangkenu pedah inceranna ngadodoho Kang Dosén.

Kuring néangan korsi rada tukang nyempod na tonggong Imron, tapi keukeuh Kang Dosen sok ngotéténg nitah pindah ka hareup.
Kang Dosen asup dipapag imut mahasiswi. Kuring beuki adek kana tonggong Imron, bari tungkul curat-corét na agénda.
“Read page 89, comprehend and try to answer those following quéstions,” paréntahna, jep kelas jempling. “Nuhun Gusti, salamet sigana ayeuna mah.
Geus sajam kelas simpé, kuring anteng ngagambar karikatur Kang Dosen kumplit jeung sloganna. Kunaon Si Indra tétéjéh?, bari ngetrok-ngetrok pulpen. “Paduli teuing EGP moal kapalang kacrut kuliah téh”.
“Ehmm” sora tukangeun, kuring malik, “Gusti Nu Agung!."
“Nice painting Nina!, Its me? Isn’t it,” sorana halon ditompokeun kana ceuli.
Hek nafas eureun, awak asa ngoléang. Si Imron jeung Si Indra jempé teu walakaya. (Neneng Sitanggang)***
hehehe... Puas kapanggih si
hehehe... Puas kapanggih si Nina teh
Post new comment