Rabu, 19 Jun, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Ki Andilawa

FIKMIN-PR -- Ki Andilawa ngalengkah nunutur angin nu ngahiur. Awak rengkung, sorot panon geus ngalayung. Bari rumanggieung, peuting ditepungan najan pinuh ku hawa nu nyeuitan. Na taktakna aya carangka. Herang, najan teu ngagenclang.

Lebahing gedong nu jarangkung. Peuntaseun tetelarna, ngajajar lampu-lampu nu mirupa purnama. Mabrakeun cahyana nu bodas semu pias. Tina handapeun caangna, Ki Andilawa mulungan simpe, mulungan guligah, mulungan sarwaning katugenah nu ngalayah. Tuluy disusun, dirapih-rapih jeroning carangkana.

Wanci ngagayuh ka janari. Lengkahna diajak mulang. Jempling beuki niisan.

Carangka diecagkeun. Simpe, guligah reujeung mangpirang katugenah dibahekeun, diawurkeun hareupeun saungna. Dicebor, diurus sina tumuwuh gigireun pajaratan anak jeung pamajikannana. (Ahmad Fawzy Imron)***

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR