Kamis, 20 Jun, 2013
Fiksimini Basa Sunda

Hawu

FIKMIN-PR -- Si Aki ngalangeu, ngimpleng tineung, haseup ngelun, ngawang-ngawang, meungpeukan beungeut bulan. Rus-ras. Waktu ngeumbing pasir, mandi cireumis, turun gunung, dilentab ku panon poe, ngaleut ngeungkeuy mangul suluh. Lengkah gejed, suku paketrok. Teu nolih kacape, hayang muru, bubuy sampeu.

Wanci subuh, diharudum, bari siduru, ngahaneutan tonggong bongkok, seeng nyengsreng, nyuruput cikopi dina batok. Si Aki kumetap. “Cik, Nini mirun seuneu, Aki hayang bubuy boled...” Pokna. Si Nini kerung. “Eh, jiga nu ngalindur wae.., ai teun teh..! 

Ret ka Dapur, gebeg. Hawu ngungun, bangun nu ngajebian, ngarendeng jeung hawu nu anyar pinanggih. “Beu, pileuleuyan Hawu..! Anjeun, geus kumaula, katigas mangsa, natrat, saksi sajarah, warisan karuhun.(Yuharno Uyuh)***

 

 

Post new comment

Konten ini di bersifat pribadi dan tidak akan diperlihatkan kepada publik If you have a Gravatar account, used to display your avatar.
  • Alamat Web dan e-mail otomatis menjadi link.
  • HTML Tag yang diijinkan: <em> <strong> <cite> <code> <ul> <ol> <li> <dl> <dt> <dd>
  • Baris dan paragrap akan di break otomatis.
  • Filtered words will be replaced with the filtered version of the word.

Informasi lanjutan tentang opsi format HTML yang berlaku.

CAPTCHA
.

KOMENTAR