Sajam Rp 50.000
FIKMIN-PR -- Sa jongjonan kuring nangtung di hareupeun manehna, saukur didaster kayas ipis tina bahan katun. Manehna neuteup bari imut. "Buka atuh acukna," cenah. Kuring nurut, kancing daster dibuka hiji-hiji. lalaunan mukana .Asa rada era . "Lancinganana oge dibuka atuh," ceuk manehna. Kuring reuwas. Daster ngalumbruk hadapeun suku kuring. Sakitu oge asa tos taranjang.

"Lancingan oge dibuka?" Kuring nanya. Manehna ngajawab bari narik leungeun kuring. "Nya muhun lancinganana oge kedah dibuka ngarah teu ngagokan." Kuring nurut. Siga pemain striptease wae calana jero dibuka.lalaunan diporosotkeun, tuluy kuring dijorongkeun lalaunan kana ranjang.
"Sok ngadapang,"cenah. Kuring nurut. Teu bisa nolak. Manehna ngusapan tonggong kuring bari muji "Mani beresih kulit teh." Leungeunna ngagulusur kana cangkeng, kana bujur, kana pingping. Kuring cicing we pasrah.
"Paleungkeur deuih. Beda nu sok olah raga mah." Manehna muji. Kuring balem we ngararasakeun leungeunna anu gugulusuran kana awak kuring. Ngeunaheun pisan. Bari ngararasakeun kuring mikir: "Mangkaning diurut teh sajamna Rp 50.000!" (Lies Tjandra Kancana Sudarma)***
hahahaha!!
hahahaha!!
Post new comment