Takdir di Pucuk Munara
FIKMIN-PR -- Angin norobos pucuk munara. Nyulusup kana sungsum. “Lain angin samanéa, angin nu mirig takdir.” Ngaheluk. Tuluy ngusap punduk.

Di handap, mangyuta du’a ngawirahma. Misieup pakarang nu taranjang. Sakeclak késang ragrag. Ngagurilap katojo lantéra. “Saban jalma mibanda jalan, hirup ditangtukeun ku lampah séwang-séwangan.”
Kasawang Srénggi kumerot. Dihuru napsu. Bangké oray ngongkoyang dina beuheung nu jadi bapa. “Hadé atawa goreng ukur babasaan; ti anjeun ka anjeun, gusti...” Parikesit ngarahuh. Kamelang ngalangkang.
Panto muka. Angin laluasa. Gap kana jambu. Diusap. Tuluy diteuteup. Naga Taksaka mindah rupa. Lain hileud, tapi supata. Takdir teu beunang dipungkir. Nu karasa anggang ayeuna datang.
“Gusti, kuring seja mapag karma; jalan pikeun ngadeuheus ka anjeun..” Mésem. Jambu digayem lalaunan. Lebah pucuk munara, takdir laluasa.(Liman Sanjaya)***
Post new comment